Jumat, 27 Mei 2016

KHUTBAH JUM'AT HAKEKAT PUASA

HAKEKAT PUASA
Tina sapalih ajaran taqwa nyaeta ngalakonan ibadah saum, sakumaha pidawuh Alloh SWT dina Al-Qur’an surat Al-Bakarah ayat 183.
يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ.
" Hai jalma-jalma anu ariman tos diwajibkeun kaaranjen sadaya kana ngalakonan ibadah saum sakumaha tos diwajibkeun ka umat-umat sateacana aranjen, supaya aranjen jadi jalma-jalma anu taqwa".

Alhamdulillah dina jum’at ieu urang sadaya parantos nincak kana tahapan kadua tina tilu tahapan sasih ramadlan nyaeta 10 anu awal tahapan rahmat, pamudah-mudahan saum anu parantos kalangkung diwuwuh ku rahmat Allah swt. 10 anu kadua nyaeta tahapan magfirah (ampunan) anu kuurang nuju dilakonan sareng tahapan anu katilu nyaeta tahapan Itqun minanar mudah-mudahan 10 terakhir eta tiasa kasorang kuurang sadaya.
Mangga dina tahapan kadua ieu, urang sadayana berlomba-lomba ngengingkeun magfirah Allah swt. Kujalan ngalakonan amal-amal soleh, sabab dina sasih ramadon teu aya amal anu mubadir. Hartosna satiap amal anu dilakonan ku jalmi anu puasa bakal dilipat gandakeun ku Allah swt.
قال النبى : نوم الصائم عبادة وصمته تسبيح وعمله مضاعف ودعاؤه مستجاب ودنبه مغفور.
كل حسنة بعشر امثالها الى سبعمائة ضعف الا الصيام فانه لى وانا اجزى به
Diantawis amal soleh anu kautamianana langkung ageng dina sasih ramadon nyaeta :
1. Ashadakotu (shadakah)
Sadakoh dina sasih ramadlan langkung utami tinimbang sasih-sasih anu sanesna, kasauran kanjeng Rasul
اَفْضَلُ الصَّدَقَةِ صَدَقَةٌ فِى رَمَضَانَ
Ari pang utami-utamina sadakoh nyaeta sodakoh dina sasih ramadon.
Masihan tuangen kajalmi anu nuju saum bakal ngengingkeun magfirah Allah swt. ngalangkungan para malaikatna, kasauran kanjeng Rasul :
مَنْ فَطَّرَ صَائِمًا عَلَى طَعَامٍ اَوْ شَرَابٍ مِنْ حَلاَلٍ صَلَّتْ عَلَيْهِ الْمَلاَئِكَةُ فِى سَاعَاتِ شَهْرِ رَمَضَانَ وَصَلَّى عَلَيْهِ جِبْرِيْلُ لَيْلَةَ الْقَدْرِ
Saha wae jalmi anu masihan kajalmi anu saum, tina tuangeun atanapi leueuteun anu halal, maka para malaikat mangnyuhunkeun pangampunteun kagusti Allah pikeun eta jalmi dina saat-saat ramadlon (detikna, menitna, atanapi jamna), sareng malaikat Jibril nyuhunkeun pangampunteun pikeun eta jalmi dina wengian lailatul qodr. Subhanallah
2. Qiamul lail nyaeta gugah wengi kanggo ibadah ka Allah swt.
pami urang ninggal kana amal kanjeng Rosullul saw. dina wengi ramadlan, Mantena selalu qiamulail, bahkan pami 10 wengi terakhir, Mantena sok ngagugahkeun kulawargi sareng shahabat-shahabatna kanggo ibadah ka Allah swt. jalmi anu ibadah dina wengian ramadlan dihapunteun tina sadaya dosa-dosa anu tos kalangkung. Rosulullah saw. ngadawuh :
مَنْ قَامَ رَمَضَانَ اِيْمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
Saha wae jalmi anu gugah wengi dina sasih ramadlan bari iman sarta ikhlas karena Allah, maka bakal dihapunteun tina dosa anu tos kalangkung. 
3. Qira’atul Qur’an (maos Al-Qur’an)
Ngaos Al-Qur’an dina sasih ramadlan langkung utami tinimbang sasih-sasih sanesna margi Al-Qur’an dilungsurkeuna dina sasih ramadlah, kanjeng Rosul nyeerkeun maos Al-Qur’an dina sasih ramadlan bahkan malaikat Jibril maoskeun Al-Qur’an kanggo kanjeng Rasul dina sasih ramadlan, mangga urang sami-sami manfaatkeun waktos anu luang ieu ku aosan Al-Qur’an, margi Al-Qur’an tiasa nyafaatan kasaha bae anu maosna, Pidawuh Rosulullah saw. :
اَلصِّيَامُ وَالْقِيَامُ يَشْفَعَانِ لِلْعَبْدِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ يَقُوْلُ الصَّوْمُ رَبِّ مَنَعْتُهُ الطَّعَامَ وَالشَّرَابَ بِالنَّهَارِ. وَيَقُوْلُ الْقُرْآنُ رَبِّ مَنَعْتُهُ النَّوْمَ بِاللَّيْلِ فَشَفِّعْنَا بِهِ
Saum sareng gugah wengi eta bakal nyafaatan dua-duana ka hiji hamba dina dintenan qiamat, saum nyarios : “ duh pangeran abdi, abdi tos nyegah kaeta hamba kana tuang sareng leueut dina waktos siang. Qur’an nyarios : “ duh pangeran abdi, abdi tos nyegah tidur dina waktos wengi, pamugi gusti mafarin abdi sadaya tiasa nyafaatan ka anjena”.
4.   Al-I’tikaf, nyaeta :  مُلاَزَمَةُ الْمَسْجِدِ لِلْعِبَادَةِ تَقَرُّبًا اِلَى اللهِ عَزَّوَجَلَّtetepna calik dimasjid kanggo ibadah karena arah-arah taqarrub ka Allah swt.
terutami dina 10 terakhir sasih ramadlan margi Rasulullah saw teu liren-liren I’tikap dina 10 terakhir sasih ramadlan dugi kapupusna
فَقَدِ اعْتَكَفَ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَمْ يَزَلْ يَعْتَكِفُ الْعَشْرَ اْلأَوَاخِرَ مِنْ رَمَضَانَ حَتَّى تَوَفَّاهُ اللهُ تَعَالَى
Nyata Rasulullah saw. I’tikaf sareng mantena teu liren-liren dina 10 terakhir sasih ramadon dugi kapupusna.
5. Al-I’timar (umrah)
Pidawuh Rosulullah saw. :
عُمْرَةٌ فِى رَمَضَانَ تَعْدِلُ حِجَّةً مَعِى
Ari umrah dina sasih Ramadan eta ngabandingan kana haji sarta kaula



Tidak ada komentar:

Posting Komentar