Rabu, 25 Mei 2016

KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA ISRO’ MI’RAJ

ISRO’ MI’RAJ
اَلْحَمْدُ ِللهِ ، اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَحْرَمَ رَجَبَ بِإِسْرَاءِ الرَّسُوْلِ مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ اْلأقْصَى ، وَالَّذِيْ يَأْمُرُنَا بِالتَّقْوَى مْدَّةَ أُمُوْرِنَا ،
أَشْهَدُ أَنْ لَا إله إلا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللَّهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى سيدنا مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ القيامةِ 
. أمَّا بَعْدُ : فَيَا أيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ وَالسَّمْعَ وَالطَّاعَةِ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :
سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الأَقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِنْ آيَاتِنَا إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ البَصِيرُ (الإسراء:1 )
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
            Sadaya puji tetep kagungan Allah swt, anu parantos maparin taufek sinareung hidayah ka urang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah buktosna sholat jum'at. Khotib nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging gusti Allah Ta'ala, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hamba Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sinareng saat.
Sabadana ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin ahli jum'at sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia parat dugi ka akherat.
Kange ngisi ajaran taqwa Alloh SWT nguningaken dina salah sawios ayatna dina suroh Al-Isro’ ayat 1 :
سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الأَقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِنْ آيَاتِنَا إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ البَصِيرُ (الإسراء:1 )
Hartosna :
Maha suci dzat Allah anu parantos ngaberjalankeun  hamba-Na di hiji wengi ti kawit Masjidil Haram dugi ka Masjidil Aqsha anu parantos kami berkahi disakurilingna agar kami ningalikeun sebagian tina tanda-tanda (kebesaran) Kami, sayaktosna AnjeunNa  Maha Ngadangu oge Maha Uninga”.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Alhamdulillahirrobbil alamin muji syukur ka Alloh SWT urang sadayana masih dipasihan panjang yuswa oge kasehatan dugi ka sasih anu bersejarah ieu.
Di sasih anu mulia ieu,urang salaku umat Islam diemutkeun kana hiji kajadian anu kacida pisan bersejarah, di mana Kangjeng Nab Muhammad SAW. diisra’ken ku Allah SWT. ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha, saterasna di Mirajkeun ti kawit langit ka hiji dugi ka langit ka tujuh teras ka Sidratul Muntaha.
Dina sasih ieu pisan Kangjeng Nabi Muhammad SAW nampi wahyu parentah solat sacara langsung ti Allah henteu melalui perantaraan malaekat Jibril,ieu ngabuktoskeun kacida pentingna solat lima waktu anu mangrupikeun pondasi anu kalintang utamina dina agama sarta hiji barokah kangge umat Islam.
Luyu sareng pidawuh Nabi SAW;
الصَّلَاةُ عِمَادُ الدِّيْنِ فَمَنْ أَقَامَهَا فَقَدْ أَقَامَهَا فَقَدْ أَقَامَ الدِيْنَ وَمَنْ تَرَكَهَا فَقَدْ هَدَمَ الدِّيْنَ (رواه البيهقي) 
Hartosna :
 “Sholat (lima waktu) mangrupakeun tihangna  agama,sing saha jalmina anu ngadrikeun sholat berarti anjeun na parantos ngadirikeun agamana sareung sing saha jalmana anu ninggalkeun sholat berarti anjeun na parantos ngarubuhkeun agama”. (HR.Baihaqi) 
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan  Allah swt maparin hidayah sinareung taofik ka urang sadaya sangkan tiasa ngalaksanakeun kawajiban buktosna sholat anu lima waktu anu nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna tauhid k Alloh SWT. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….






Tidak ada komentar:

Posting Komentar