Jumat, 27 Mei 2016

KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA Hakekat Puasa

Hakekat Puasa
 السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى كَتَبَ عَلَيْنَا الصِّيَامَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ ذُوْا الْفَضْلِ وَالنِّعَامِ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَاحِبُ الْكَرَامَةِ عَلَى التَّمَامِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى خَيْرِ اْلأَنَامِ. وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ الْكِرَامِ.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَاْلأَيَّامِ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos ngawajibkeun ka urang sadayana kana ngalakonan ibadah saum, Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, anu ngagaduhan kautamian sareng pirang-pirang kani’matan, sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu ngagaduhan karamah anu sampurna. Shalawat miwah salam eta pamugi tetep ka pangsae-saena makhluk buktosna kangjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawarginya sareng sahabatna anu marulia.
Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia sareng akherat.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Tina sapalih ajaran taqwa nyaeta ngalakonan ibadah saum, sakumaha pidawuh Alloh SWT dina Al-Qur’an surat Al-Bakarah ayat 183.
يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ.
" Hai jalma-jalma anu ariman tos diwajibkeun kaaranjen sadaya kana ngalakonan ibadah saum sakumaha tos diwajibkeun ka umat-umat sateacana aranjen, supaya aranjen jadi jalma-jalma anu taqwa".
Alhamdulillah dina jum’at ieu urang sadaya nemean nincak kana tahapan kahiji tina tilu tahapan sasih ramadlan nyaeta 10 anu awal tahapan rahmat, pamudah-mudahan saum anu nuju dilaksanakeun diwuwuh ku rahmat Allah swt. 10 anu kadua nyaeta tahapan magfirah (ampunan) tahapan anu katilu nyaeta tahapan Itqun minanar mudah-mudahan 10 kadua sreung terakhir eta tiasa kasorang kurang sadaya.
Mangga dina tahapan kahiji ieu, urang sadayana berlomba-lomba ngengingkeun rohmat Allah swt. Kujalan ngalakonan amal-amal soleh, sabab dina sasih ramadon teu aya amal anu mubadir. Hartosna satiap amal anu dilakonan ku jalmi anu puasa bakal dilipat gandakeun ku Allah swt.
قال النبى : نوم الصائم عبادة وصمته تسبيح وعمله مضاعف ودعاؤه مستجاب ودنبه مغفور.
كل حسنة بعشر امثالها الى سبعمائة ضعف الا الصيام فانه لى وانا اجزى به
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Diantawis amal soleh anu kautamianana langkung ageng dina sasih ramadon nyaeta :
1. Ashadakotu (shadakah)
Sadakoh dina sasih ramadlan langkung utami tinimbang sasih-sasih anu sanesna, kasauran kanjeng Rasul
اَفْضَلُ الصَّدَقَةِ صَدَقَةٌ فِى رَمَضَانَ
Ari pang utami-utamina sadakoh nyaeta sodakoh dina sasih ramadon.
2. Qiamul lail nyaeta gugah wengi kanggo ibadah ka Allah swt.
Pami urang ninggal kana amal kanjeng Rosullul saw. dina wengi ramadlan, Mantena selalu qiamulail, bahkan pami 10 wengi terakhir, Mantena sok ngagugahkeun kulawargi sareng shahabat-shahabatna kanggo ibadah ka Allah swt. jalmi anu ibadah dina wengian ramadlan dihapunteun tina sadaya dosa-dosa anu tos kalangkung. Rosulullah saw. ngadawuh :
مَنْ قَامَ رَمَضَانَ اِيْمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
" Saha wae jalmi anu gugah wengi dina sasih ramadlan bari iman sarta ikhlas karena Allah, maka bakal dihapunteun tina dosa anu tos kalangkung". 
3. Qira’atul Qur’an (maos Al-Qur’an)
Ngaos Al-Qur’an dina sasih ramadlan langkung utami tinimbang sasih-sasih sanesna margi Al-Qur’an dilungsurkeuna dina sasih ramadlah, kanjeng Rosul nyeerkeun maos Al-Qur’an dina sasih ramadlan bahkan malaikat Jibril maoskeun Al-Qur’an kanggo kanjeng Rasul dina sasih ramadlan, mangga urang sami-sami manfaatkeun waktos anu luang ieu ku aosan Al-Qur’an, margi Al-Qur’an tiasa nyafaatan kasaha bae anu maosna, Pidawuh Rosulullah saw. :
4.   Al-I’tikaf, nyaeta :  مُلاَزَمَةُ الْمَسْجِدِ لِلْعِبَادَةِ تَقَرُّبًا اِلَى اللهِ عَزَّوَجَلَّtetepna calik dimasjid kanggo ibadah karena arah-arah taqarrub ka Allah swt. terutami dina 10 terakhir sasih ramadlan margi Rasulullah saw teu liren-liren I’tikap dina 10 terakhir sasih ramadlan dugi kapupusna
فَقَدِ اعْتَكَفَ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَمْ يَزَلْ يَعْتَكِفُ الْعَشْرَ اْلأَوَاخِرَ مِنْ رَمَضَانَ حَتَّى تَوَفَّاهُ اللهُ تَعَالَى
Nyata Rasulullah saw. I’tikaf sareng mantena teu liren-liren dina 10 terakhir sasih ramadon dugi kapupusna.
5. Al-I’timar (umrah)
Pidawuh Rosulullah saw. :
عُمْرَةٌ فِى رَمَضَانَ تَعْدِلُ حِجَّةً مَعِى
" Ari umrah dina sasih Ramadan eta ngabandingan kana haji sarta kaula". 
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan, urang sadayana tambih-tambih dorongan (kasengsrem) dina ngalakonan amal-amal soleh sareng mudah-mudahan Allah swt maparin kakiatan kaurang sadaya sangkan tiasa ngalaksanken saum sasasih lamina .
 Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….




Tidak ada komentar:

Posting Komentar