Jumat, 27 Mei 2016

KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA TAHUN BARU HIJRIYAH (ISLAM)

TAHUN BARU HIJRIYAH (ISLAM)
إِنَّ الْحَمْدَ لله نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوْذُ بلله مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ الله فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ
 أَشْهَدُ أَنْ لَا إله إلا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللَّهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى سيدنا مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ القيامةِ
.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ.  اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :
y7ù=Ï?ur ãP$­ƒF{$# $ygä9Ír#yçR tû÷üt/ Ĩ$¨Y9$# zNn=÷èuÏ9ur ª!$# šúïÏ%©!$# (#qãZtB#uä xÏ­Gtƒur öNä3ZÏB uä!#ypkà­ 3 ª!$#ur Ÿw =Ïtä tûüÉKÎ=»©à9$# ÇÊÍÉÈ   (ال عمران : 140)
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos mafarin taufek kaurang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah, tur merenahkeun ka urang sadaya kana kaifiyah kasab anu pangsampurna-sampurna kabagjaan. Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu dikokohkeun kalawan pirang-pirang  ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sareng pirang-pirang saat.
Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia sareng akherat.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Kange ngisi ajaran Taqwa Alloh SWT nguningaken potongan ayat dina al-qur'an dina surat al-Imron ayat 140 :
7ù=Ï?ur ãP$­ƒF{$# $ygä9Ír#yçR tû÷üt/ Ĩ$¨Y9$# zNn=÷èuÏ9ur ª!$# šúïÏ%©!$# (#qãZtB#uä xÏ­Gtƒur öNä3ZÏB uä!#ypkà­ 3 ª!$#ur Ÿw =Ïtä tûüÉKÎ=»©à9$# ÇÊÍÉÈ  
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ku dongkapna sasih Muharram, hartosna urang lebet kana hiji tahun anu engal., sapertos anu parantos diterangkeun dina ajaran Islam, oge mangrupikeun bulan dimana Rasulullah SAW., seueur kenging kamenangan dina ngalaksanakeun syi’ar da’wahna. Sajabi  ti eta bulan muharam teh ngarupikeun bulan pergantian taun islam nu biasa ku urang disebut taun “Hijriah”.
Anapon maksad urang ngayakeun paringeutan dina nyambut taun munggaran ieu, sajabi ti ngarayakeun taun baru islam pikeun ngalaksanakeun syiar agama islam. Oge supaya urang sakedahna  merhitungken sareung mertimbangkeun amal urang pribadi saacan urang dipehitungkeun sagala rupi amal urang boh anu sae atanapi anu awon dipayuneun Allah SWT., dina poeanan pembalasan, sakumah pidawuh Rosul dina salah sawios haditsna :
حَا سِبُوْااَنْفُسَكُمْ قَبْلَ اَنْ تُحَاسَبُوْا
Anu hartosna :
“Perhitungkeun hade goring amal aranjeun samemeh aranjeun ditimbang ku Allah SWT.”
Ku kituna dina ngajalankeun taun anu enggal ieu, urang sami-sami nyeeurkeun amal-amalan sae,. Mangpang mungpung urang sadaya aya dina waktu anu senggang, ku jalan namabah-nambah amal ibadah ka Alloh SWT.
Dawuhan Rasululloh SAW dina hadistna:
اِغْتَنِمْ خَمْسًا قَبْلَ خَمْسٍ، حَيَاتَكَ قَبْلَ مَوْتِكَ، وَصِحَتَكَ قَبْلَ سُقْمِكَ، وَفِرَاغَكَ قَبْلَ شُغْلِكَ، وَشَبَابَكَ قَبْلَ هَرَمِكَ، وَغِنَاكَ قَبْلَ فَقْرِكَ.
 “Geurakeun lima perkara samemeh datang lima perkara (1) meungpeung hirup samemeh datang maot, (2) meupeung cager samemeh gering, (3) meupeung salse samemeh riweuh, (4) meupeung ngora samemeh kolot, (5) meungpeung benghar samemeh sangsara”.

Ku jalan ngagunakeun waktu hirup samemeh kadongkapan maot, dianggo kasempetan ngamalkeun ibadah sareng beramal sholeh, etateh ngandung hartos urang beubeukeulan  engke dimana mulih ka alam ka langgeungan, di akherat mah moal aya nu manfaat pikeun manusa kajabi ti amal sholeh nu di laksanakeun ku urang sadaya nalika hirup di alam dunya.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu,mudah-mudahan Alloh SWT maparin Hidayah sinareung taopik ka urang  sadaya, sahingga dina awal tahun baru yeu urang sadaya tysa sasarengan tambah-tambah ibadah ka Alloh SWT anu nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna tauhid k Alloh SWT.sangkan tiasa ngaraih kbagjaan di dunya parat dugi k akherat. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar