Jumat, 27 Mei 2016

KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA BULAN SYA'BAN

BULAN SYA'BAN
الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ أَشْهَدُ أَنْ لَا إله إلا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللَّهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى سيدنا مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ القيامةِ
.( اَمَّا بَعْدُ ) يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :
إِنَّ أَكۡرَمَكُمۡ عِندَ ٱللَّهِ أَتۡقَىٰكُمۡۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٞ ١٣ ( Al-Hujurot : 1)
وقال أيضًا :
وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يُكَفِّرۡ عَنۡهُ سَيِّ‍َٔاتِهِۦ وَيُعۡظِمۡ لَهُۥٓ أَجۡرًا ٥   (At-Talaq : 5)
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
            Sadaya puji tetep kagungan Allah swt, anu parantos maparin taufek sinareung hidayah ka urang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah buktosna sholat jum'at. Khotib nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging gusti Allah Ta'ala, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hamba Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sinareng saat.
Sabadana ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin ahli jum'at sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia parat dugi ka akherat.
Kange ngisi ajaran taqwa Alloh SWT nguningaken dina salah sawios ayatna dina Al-Qur’an :
إِنَّ أَكۡرَمَكُمۡ عِندَ ٱللَّهِ أَتۡقَىٰكُمۡۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٞ ١٣ ( Al-Hujurot : 1)
“ Sayaktosna jalmi anu paling mulia di sisi Alloh diantara aranjeun nyaeta jalmi-jalmi anu paling taqwa. Sayaktosna Alloh SWT Maha uninga lagi maha waspada”
وقال أيضًا :
وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يُكَفِّرۡ عَنۡهُ سَيِّ‍َٔاتِهِۦ وَيُعۡظِمۡ لَهُۥٓ أَجۡرًا ٥   (At-Talaq : 5)
“Sing saha jalmina nu tqwa ka Alloh, niscaya Manteunnan nana bakal ngahapus kalepatan nana sreung bakal dilipat gandakeun pahala kange anjeun na”
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Alhamdulillah urang parantos lebet kana sasih Sya'ban, dimana Sya’ban teh  slah sawios bulan anu diapit ku Dua Bulan anu ngagaduhan kaistimewaan sareng kautamaan. nyaeta Rajab sareng Romadlon.
Dina sasih Rajab umat Islam diemutkeun kana hiji kajadian anu kacida pisan bersejarah, di mana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. diisra’kan ku Allah SWT. nyaeta diberangkatkeun pada satu malam anu diberkahi di sekelilingnya ti Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsha, saterasna di Mirajkeun nyaeta diangkat ti Masjidil Aqsho ka langit tujuh dugikeun ka Sidratul Muntaha.
Eta salah sahiji Mu'jizat anu agung anu dipaparinkeun ka Jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Oge Sasih sya’ban teh salah salahsawios sasih anu sami ngagaduhan kaistimewaan, diantawisna ku ayana malam Nisfu Sya'ban, nyaeta malem anu dihampunteun dosana satiap jalma kecuali anu Syirik sareng jalma anu nuju dina kaayaan bertengkar jeung dulurna, dek dulur anu sadarah nyakitu deui dulur anu saiman.
Sareung  dina Sasih iyeu pisan, sasih diangkatna buku laporan amal perbuatan manusa salami sataun, Mung kaseueuran jalmi sok ngalalaikeun kana iyeu sasih, padahal sur Rosul
   ذَلِكَ شَهْرٌ يَغْفُلُ النَّاسُ عَنْهُ بَيْنَ رَجَبٍ وَرَمَضَانَ
“ Iyeu teh nyaeta hiji sasih  anu dilalaikan ku kaseseeran na jalmi , nyaeta  antawis bulan Rajab sinareung Ramadhan. (HR. An-Nasa'i)
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan  Allah swt maparin hidayah sinareung taofik, oge kasehatan ka urang sadaya sangkan didugikeun ka sasih Romadhon anu nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna tauhid k Alloh SWT. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….








Tidak ada komentar:

Posting Komentar