Jumat, 27 Mei 2016

KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA RUPA-RUPA UJIAN 2

RUPA-RUPA UJIAN 2
إِنَّ الْحَمْدَ لله نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوْذُ بلله مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ الله فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ
 أَشْهَدُ أَنْ لَا إله إلا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللَّهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى سيدنا مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ القيامةِ
.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَاْلأَوْقَاتِ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :
Nä3¯Ruqè=ö7oYs9ur &äóÓy´Î/ z`ÏiB Å$öqsƒø:$# Æíqàfø9$#ur <Èø)tRur z`ÏiB ÉAºuqøBF{$# ħàÿRF{$#ur ÏNºtyJ¨W9$#ur 3 ̍Ïe±o0ur šúïÎŽÉ9»¢Á9$# ÇÊÎÎÈ (البقرة : 155)
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
            Sadaya puji tetep kagungan Allah swt, anu parantos maparin taufek sinareung hidayah ka urang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah buktosna sholat jum'at. Khotib nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging gusti Allah Ta'ala, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hamba Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sinareng saat.
            Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin ahli jum'at sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia parat dugi ka akherat.
            Kange ngisi ajaran taqwa Alloh SWT nguningaken dina salahsawios ayatna dina suroh Al-Baqoroh ayat 155 :
Nä3¯Ruqè=ö7oYs9ur &äóÓy´Î/ z`ÏiB Å$öqsƒø:$# Æíqàfø9$#ur <Èø)tRur z`ÏiB ÉAºuqøBF{$# ħàÿRF{$#ur ÏNºtyJ¨W9$#ur 3 ̍Ïe±o0ur šúïÎŽÉ9»¢Á9$# ÇÊÎÎÈ
" Sreung syaktosna Kami bakal masihan cobaan ka aranjeun, ku saalit kasieun, kalaparan, kakirangan harta, jiwa sinareung buah-buahan. Sreung pasihan kabar gembira ka jalma-jalma anu salabar".
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Sababaraha perkawis tangtosna bakal sumping ka satiap jalmi salami hirup di alam dunia nyaeta perkara ujian.
Ujian iyeu pasti datang ka satiap jalma secara bergantian bari henteu pilih-pilih.ujian nana tiasa mangrupikeun Kasusah, tiasa mangrupikeun musibah, oge tiasa mangrupikeun kasenangan. Dina hartos sadayana kasusah, musibah oge kasenangan eta sdyana cobaan anu sumping ti Alloh SWT.
Iyeu mangrupikeun Sunnatullah, katetapan Allah anu pasti terjadi ka satiap jalma.
Kacida lepatna upami hiji jalmi nganggap yen hamba Allah anu paling saroleh teh tebih tina ujian. Justru malahan samulihna jalmi anu  saroleh ujianana langkung-langkung abot tibatan jalmi anu biasa.
Sakumaha pidawuh Alloh SWT dina Al-qur'an dina suroh Al-Baqoroh ayat 155:
Nä3¯Ruqè=ö7oYs9ur &äóÓy´Î/ z`ÏiB Å$öqsƒø:$# Æíqàfø9$#ur <Èø)tRur z`ÏiB ÉAºuqøBF{$# ħàÿRF{$#ur ÏNºtyJ¨W9$#ur 3 ̍Ïe±o0ur šúïÎŽÉ9»¢Á9$# ÇÊÎÎÈ
" Sreung syaktosna Kami bakal masihan cobaan ka aranjeun,diantawisna ku kasieun, kalaparan, kakirangan harta, jiwa sinareung buah-buahan. Sreung pasihan kabar gembira (ku Anjeun Muhammad) ka jalma-jalma anu salabar".
Di sagedengen eta, cobaan atanapi ujian anu tumiba ka hiji jalmi teh mangrupikeun salah sahiji tanda yen Allah SWT mikacinta ka eta jalmi. Nyakitu deui upami Allah SWT bade ngahampura ka hiji jalmi, maka Allah bakal nguji ka eta jalmi ku rupa-rupa ujian sabagai penebus kana dosa-dosana, sok sanaos ujian nana alit. Sakumaha pidawuh Rosululloh SAW:
مَا مِنْ مُصِيبَةٍ تُصِيبُ الْمُسْلِمَ إِلاَّ كَفَّرَ اللَّهُ بِهَا عَنْهُ ، حَتَّى الشَّوْكَةِ يُشَاكُهَا
" Tepati-pati hiji musiah nimpa ka hiji jalma muslim, kecuali Alloh SWT bakal ngagugurkeun dosa-dosana, saklipun kacugak ku cucuk anu alit ". (HR. Bukhari)
Dumasar kana ayat sinareung hadits Nabi tadi, Urang salaku umat Islam ditungtut kedah sadar sareung nyiapkeun diri kangge mayunan sagala rupi ujian nu sumping ti Alloh SWT.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan  Allah swt maparin hidayah sinareung taofik ka urang sadaya sangkan tiyasa ngaraih kbagjaan di dunya parat dugi ka akherat anu nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna tauhid k Alloh SWT. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar