Ruksakna
Iman jeung Alam
إِنَّ الْحَمْدَ لله نَحْمَدُهُ
وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوْذُ بلله مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا
وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ الله فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ
يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ
أَشْهَدُ أَنْ لَا إله إلا الله وَحْدَهُ لَا
شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللَّهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى سيدنا
مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ
القيامةِ
.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا
اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَاْلأَوْقَاتِ. اَعُوْذُ
بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :
tygsß ßŠ$|¡xÿø9$# ’Îû ÎhŽy9ø9$# Ìóst7ø9$#ur $yJÎ/ ôMt6|¡x. “ω÷ƒr& Ĩ$¨Z9$# Nßgs)ƒÉ‹ã‹Ï9 uÙ÷èt/ “Ï%©!$# (#qè=ÏHxå öNßg¯=yès9 tbqãèÅ_ötƒ ÇÍÊÈ
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Sadaya puji tetep kagungan Allah
swt, anu parantos maparin taufek sinareung hidayah ka urang sadaya piken
ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah buktosna sholat jum'at. Khotib
nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging
gusti Allah Ta'ala, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu
ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng nyaksian kana yen
saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hamba Allah sareng RasulNa anu
dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah
maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna
kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sinareng saat.
Saba'dana ngaoskeun basmalah,
hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten
khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin ahli jum'at
sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana
kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia
parat dugi ka akherat.
Kange ngisi ajaran taqwa Alloh SWT
nguningaken dina salahsawios ayatna dina suroh Ar-Rum ayat 41:
tygsß ßŠ$|¡xÿø9$# ’Îû ÎhŽy9ø9$# Ìóst7ø9$#ur $yJÎ/ ôMt6|¡x. “ω÷ƒr& Ĩ$¨Z9$# Nßgs)ƒÉ‹ã‹Ï9 uÙ÷èt/ “Ï%©!$# (#qè=ÏHxå öNßg¯=yès9 tbqãèÅ_ötƒ ÇÍÊÈ
Hartosna:
"
(41.) Parantos nampak karuksakan di darat sinareung di lautan disebabken ku
padamelan tangan manusa,supaya Alloh ngarasakeun ka maranehan nana sebahagian
tina (akibat) perbuatan nana, supaya manusa kembali (kana jalan anu bener)".
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah
Alloh nu
maha ngayugakeun sadayana alam, Anjeuna parantos ngatur kumaha tatanan nu
mangrupi sunnatulloh. Alloh nu maha miara, nu maha ngajaga, tempatna
panyalindungan. Allohparantos ngatur kalawan ditetepkeun ayana hukum alam
nu disebat sunna tasbudiyyah (kausalitas) kalawan sampurna. Alloh tempat
pangbalikan sadaya makhluk-Na. Ku kituna urang kedah teguh aya dina kayakinan
yen teu aya deui pangeran nu ngajaga ieu alam anging aya dina pangjagaan Alloh,
teu aya deui pangeran nu ngatur ieu alam sinareung sadaya eusina anging aya dina
pangaturan Alloh SWT.
Alatan kabodoan manusa sarta lolong
dina kayakinan, henteu paham ka nu nyiptakeun, ka nu ngapimilik, sarta ka nu
jadi puserna kataatan, ahirna manusa aya dina kaayaan nu linglung sasar kalawan
teu mampuh dina nyepeng amanah kakhalifan fil ardi anu samistina.
Karuksakan
pagawean manusa nu ngabalukarkeun timbulna musibah dimana-mana, mangka
hakekatna mah kaimanan manusa aya dina kayaan ruksak, dina hartos musyrik ka
Alloh SWT. Sedengkeun timbulna karuksakan tauhid oge sumberna tina kabodoan
manusa heunte apal dina perkara saha nu saleresna nyiptakuen ieu alam sareung
teu terang kana naon-naon nu ku Alloh parantos diturunkeun ka Nabi Adam nalika
diciptakeun sarta ditugaskeun jadi khalifah dimuka bumi iyeu.
Ku kituna
nyalametkeun alam tina karuksakan, ieu teh mangrupikeun tanggung jawab manusa,
tugas salaku khlaifah di muka bumi iyeu, tugas urang yakin ka Alloh hungkul sarta
tanggung jawab karana manusa parantos dipasihan terang kana nami-nami potensi
alam ieu.
Kahartos pisan, naon diantawisna
satiap Nabi sinareung Rosul diutus ku gusti Alloh salawasna nyandak risalah
katauhidan nu jadi puseurna kasalametan manusa sautuhna. ku kayakinan manusa ka
gusti Alloh, manusa bakal mampuh ngajalankeun amanah sabagai khalifah di muka
bumi iyeu.
Hadirin Sidang
Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan
khutbah awal ieu, mudah-mudahan Allah
swt maparin hidayah sinareung taofik ka urang sadaya sangkan tiyasa ngamumule
sinareung ngajaga kana sagala rupi anu diamanat keun ku Alloh ka manusa
khususna ka urang sadayana anu
nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna tauhid k
Alloh SWT.
Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ
وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ
تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ
وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….
Tidak ada komentar:
Posting Komentar