Jumat, 27 Mei 2016

KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA KATANGTOSAN SINAREUNG RIDHO ALLOH

KATANGTOSAN SINAREUNG RIDHO ALLOH
إِنَّ الْحَمْدَ لله نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوْذُ بلله مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ الله فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ
 أَشْهَدُ أَنْ لَا إله إلا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللَّهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى سيدنا مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ القيامةِ
.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَاْلأَوْقَاتِ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :
Ÿw y7¯R§äótƒ Ü==s)s? tûïÏ%©!$# (#rãxÿx. Îû Ï»n=Î6ø9$# ÇÊÒÏÈ   Óì»tFtB ×@ŠÎ=s% ¢OèO öNßg1urù'tB ãM¨Zygy_ 4 }§ø©Î/ur ߊ$ygÎRùQ$# ÇÊÒÐÈ   (ال عمران : 196-197)
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
            Sadaya puji tetep kagungan Allah swt, anu parantos maparin taufek sinareung hidayah ka urang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah buktosna sholat jum'at. Khotib nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging gusti Allah Ta'ala, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hamba Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sinareng saat.
Sabadana ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin ahli jum'at sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia parat dugi ka akherat.
Kange ngisi ajaran taqwa Alloh SWT nguningaken dina salah sawios ayatna dina suroh Al-'Imron ayat 196-197 :
Ÿw y7¯R§äótƒ Ü==s)s? tûïÏ%©!$# (#rãxÿx. Îû Ï»n=Î6ø9$# ÇÊÒÏÈ   Óì»tFtB ×@ŠÎ=s% ¢OèO öNßg1urù'tB ãM¨Zygy_ 4 }§ø©Î/ur ߊ$ygÎRùQ$# ÇÊÒÐÈ 
" Kahade Anjeun teu kenging ktipu ku hilir mudikna jalmi-jalmi kafir di bumi alam, (Eta teh) kasenangan anu teu ay hargana, sreung pangbalikan aranjeunan nana nyaeta naraka jahanam, sreung eta teh petempatan anu pang awon-awon na" (Al-'Imron ayat 196-197). Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Manusa hirup sreung kumelenang di alam dunya iyeu moal lepas tina qodo sreung qodar Alloh, dina qodo sreung qodar eta manusa kedah berusaha sangkan dirina kenging karidhoan Alloh, supados kenging karidhoan Alloh maka dina ngudag cita-cita sinareung tujuan kedah mapah dina jalan anu haq, sok sanaos dikersakeun hasil naon anu dipikahoyong, tapi dina ngushakeun nana aya dina tekad sinareung lampah anu mempar tina aturan Alloh tangtosna moal kenging karidhoan ALLOH SWT.
Dumasar kana ayat tadi suroh Al-Imron ayat 196-197, Alloh SWT masihan peringatan ka urang sadaya kahade ulah rek katipu ku kahirupan duniawai sahingga dugikeun ngorbankeun akidah sinareung agama, oge teu nincak deui kana aturan-aturan Alloh SWT .
Diantawisna jalan supaya dipikaridho ku Alloh SWT:
1.     Kedah sadar sareung nampi kana papasten (qodo sinareung qodar) anu dugi ka urang eta sadayana dadamelan ALLOH SWT.
2.     Niatan ku hate urang dina qodo sinareung qodar Alloh ieu seja nyanggakeun pangbakti ka Gusti Alloh.
3.     Dina ngajalankeun parentahan nana diseja ngan wungkul ngalaksanakeun parentahan gusti Alloh SWT.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan  Allah swt maparin hidayah sinareung taofik ka urang sadaya sangkan tiyasa ngaraih kbagjaan di dunya parat dugi ka akherat anu nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna tauhid k Alloh SWT. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….


Tidak ada komentar:

Posting Komentar