Jumat, 27 Mei 2016

KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA TAUHID CECEKELAN POKO ANU NANGTUKEUN KAHIRUPAN MANUSA

الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ أَشْهَدُ أَنْ لَا إله إلا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللَّهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى سيدنا مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ القيامةِ
.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَاْلأَوْقَاتِ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :
ôs)s9ur zÓÇrré& y7øs9Î) n<Î)ur tûïÏ%©!$# `ÏB šÎ=ö6s% ÷ûÈõs9 |Mø.uŽõ°r& £`sÜt6ósus9 y7è=uHxå £`tRqä3tGs9ur z`ÏB z`ƒÎŽÅ£»sƒø:$# ÇÏÎÈ   È@t/ ©!$# ôç7ôã$$sù `ä.ur šÆÏiB tûï̍Å3»¤±9$# ÇÏÏÈ  
  (Az-Zumar: 65-66)
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
            Sadaya puji tetep kagungan Allah swt, anu parantos maparin taufek sinareung hidayah ka urang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah buktosna sholat jum'at. Khotib nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging gusti Allah Ta'ala, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hamba Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sinareng saat.
Sabadana ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin ahli jum'at sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia parat dugi ka akherat.
Kange ngisi ajaran taqwa Alloh SWT nguningaken dina salah sawios ayatna dina suroh Az-Zumar : 65-66) :
ôs)s9ur zÓÇrré& y7øs9Î) n<Î)ur tûïÏ%©!$# `ÏB šÎ=ö6s% ÷ûÈõs9 |Mø.uŽõ°r& £`sÜt6ósus9 y7è=uHxå £`tRqä3tGs9ur z`ÏB z`ƒÎŽÅ£»sƒø:$# ÇÏÎÈ   È@t/ ©!$# ôç7ôã$$sù `ä.ur šÆÏiB tûï̍Å3»¤±9$# ÇÏÏÈ  
Hartosna:
Jeung sayaktosna  parantos diwahyukeun ka anjeun(Muhammad SAW) sreung ka jalma-jalma anu saacan anjeun, yén upama anjeun syirik, tangtu amal anjeun bakal kahapus, sareung pasti anjeun kalebet jalma-jalma nu rarugi. Malahan Alloh nu sawajibna ku anjeun diibadahan, sareung anjeun sing jadi  ti antara jalma-jalma nu syukuran.
 (Az-Zumar: 65-66).
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Tauhid sanes mung saukur terang sinareung ngartos yén nu nyiptakeun ieu alam sreung saesina téh Alloh SWT, sanes saukur nganyahokeun kana bukti rasional ngeunaan bebeneran wujud Alloh sinareung wahdaniyah-Na, ogé sanes mung saukur nganyahokeun  kana asma sinareung sipat Alloh SWT.
Hakékat tauhid ngamurnikeun ibadah mung ka Alloh wungkul, nyaéta ngahambakeun diri kalayan saleresna tur panceg saukur ka Alloh wungkul, ku cara to’at kana paréntah-Na sareung tebih tina sagala rupi nu dicaram-Na kalayan pinuh ku rasa ajrih, cinta, roja tur haup ku Mantenna. dina hartos teu aya nu mibanda hak pikeun diibadahan anging Alloh swt sreung teu aya ibadah anu lereus sesuai aturan kajabi ibadah nu luyu sinareung tungtunan sunnah Rosululloh SAW. Jalma nu ngaikrarkeun kalawan disreungan ku kayaqinan ka Alloh bakal dilebetkeun ka sawarga Alloh salami teu diruksak dibauran ku syirik ka Manteunna .sakumah pidawuh Alloh dina al-An’am ayat 82.
tûïÏ%©!$# (#qãZtB#uä óOs9ur (#þqÝ¡Î6ù=tƒ OßguZ»yJƒÎ) AOù=ÝàÎ/ y7Í´¯»s9'ré& ãNßgs9 ß`øBF{$# Nèdur tbrßtGôgB ÇÑËÈ
Hartosna:
Jalma-jalma nu ariman bari henteu ngabaurkeun imanna jeung kazholiman (syirik), nya pikeun maranéhna kaamanan sareung pituduh (ti Alloh SWT). (al-An’am : 82).
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan  Allah swt maparin hidayah sinareung taofik ka urang sadaya sangkan ditebihkeun tina sagala rupi padamelan syirik ka Alloh SWT anu nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna tauhid k Alloh SWT. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….



1 komentar: