HAKEKAT PUASA
Tina
sapalih ajaran taqwa nyaeta ngalakonan ibadah saum, sakumaha pidawuh Alloh SWT
dina Al-Qur’an surat Al-Bakarah ayat 183.
يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا كُتِبَ
عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ
تَتَّقُوْنَ.
" Hai
jalma-jalma anu ariman tos diwajibkeun kaaranjen sadaya kana ngalakonan ibadah
saum sakumaha tos diwajibkeun ka umat-umat sateacana aranjen, supaya aranjen
jadi jalma-jalma anu taqwa".
Alhamdulillah dina jum’at ieu urang
sadaya parantos nincak kana tahapan kadua tina tilu tahapan sasih ramadlan
nyaeta 10 anu awal tahapan rahmat, pamudah-mudahan saum anu parantos kalangkung
diwuwuh ku rahmat Allah swt. 10 anu kadua nyaeta tahapan magfirah (ampunan) anu
kuurang nuju dilakonan sareng tahapan anu katilu nyaeta tahapan Itqun
minanar mudah-mudahan 10 terakhir eta tiasa kasorang kuurang sadaya.
Mangga dina
tahapan kadua ieu, urang sadayana berlomba-lomba ngengingkeun magfirah Allah
swt. Kujalan ngalakonan amal-amal soleh, sabab dina sasih ramadon teu aya amal
anu mubadir. Hartosna satiap amal anu dilakonan ku jalmi anu puasa bakal
dilipat gandakeun ku Allah swt.
قال
النبى : نوم الصائم عبادة وصمته تسبيح وعمله مضاعف ودعاؤه مستجاب ودنبه مغفور.
كل
حسنة بعشر امثالها الى سبعمائة ضعف الا الصيام فانه لى وانا اجزى به
Diantawis amal soleh anu kautamianana langkung
ageng dina sasih ramadon nyaeta :
1. Ashadakotu (shadakah)
Sadakoh dina sasih ramadlan langkung utami tinimbang
sasih-sasih anu sanesna, kasauran kanjeng Rasul
اَفْضَلُ
الصَّدَقَةِ صَدَقَةٌ فِى رَمَضَانَ
Ari pang utami-utamina sadakoh nyaeta sodakoh dina
sasih ramadon.
Masihan tuangen kajalmi anu nuju saum bakal
ngengingkeun magfirah Allah swt. ngalangkungan para malaikatna, kasauran
kanjeng Rasul :
مَنْ
فَطَّرَ صَائِمًا عَلَى طَعَامٍ اَوْ شَرَابٍ مِنْ حَلاَلٍ صَلَّتْ عَلَيْهِ
الْمَلاَئِكَةُ فِى سَاعَاتِ شَهْرِ رَمَضَانَ وَصَلَّى عَلَيْهِ جِبْرِيْلُ
لَيْلَةَ الْقَدْرِ
Saha wae jalmi anu masihan kajalmi
anu saum, tina tuangeun atanapi leueuteun anu halal, maka para malaikat
mangnyuhunkeun pangampunteun kagusti Allah pikeun eta jalmi dina saat-saat
ramadlon (detikna, menitna, atanapi jamna), sareng malaikat Jibril nyuhunkeun
pangampunteun pikeun eta jalmi dina wengian lailatul qodr. Subhanallah
2. Qiamul lail nyaeta gugah wengi
kanggo ibadah ka Allah swt.
pami urang ninggal kana amal
kanjeng Rosullul saw. dina wengi ramadlan, Mantena selalu qiamulail,
bahkan pami 10 wengi terakhir, Mantena sok ngagugahkeun kulawargi sareng
shahabat-shahabatna kanggo ibadah ka Allah swt. jalmi anu ibadah dina wengian
ramadlan dihapunteun tina sadaya dosa-dosa anu tos kalangkung. Rosulullah saw.
ngadawuh :
مَنْ
قَامَ رَمَضَانَ اِيْمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ
ذَنْبِهِ
Saha wae jalmi anu gugah wengi dina
sasih ramadlan bari iman sarta ikhlas karena Allah, maka bakal dihapunteun
tina dosa anu tos kalangkung.
3. Qira’atul Qur’an (maos Al-Qur’an)
Ngaos Al-Qur’an dina sasih ramadlan langkung utami
tinimbang sasih-sasih sanesna margi Al-Qur’an dilungsurkeuna dina sasih
ramadlah, kanjeng Rosul nyeerkeun maos Al-Qur’an dina sasih ramadlan bahkan
malaikat Jibril maoskeun Al-Qur’an kanggo kanjeng Rasul dina sasih ramadlan,
mangga urang sami-sami manfaatkeun waktos anu luang ieu ku aosan Al-Qur’an,
margi Al-Qur’an tiasa nyafaatan kasaha bae anu maosna, Pidawuh Rosulullah saw.
:
اَلصِّيَامُ
وَالْقِيَامُ يَشْفَعَانِ لِلْعَبْدِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ يَقُوْلُ الصَّوْمُ
رَبِّ مَنَعْتُهُ الطَّعَامَ وَالشَّرَابَ بِالنَّهَارِ. وَيَقُوْلُ الْقُرْآنُ
رَبِّ مَنَعْتُهُ النَّوْمَ بِاللَّيْلِ فَشَفِّعْنَا بِهِ
Saum sareng gugah wengi eta bakal
nyafaatan dua-duana ka hiji hamba dina dintenan qiamat, saum nyarios : “ duh
pangeran abdi, abdi tos nyegah kaeta hamba kana tuang sareng leueut dina waktos
siang. Qur’an nyarios : “ duh pangeran abdi, abdi tos nyegah tidur dina waktos
wengi, pamugi gusti mafarin abdi sadaya tiasa nyafaatan ka anjena”.
4. Al-I’tikaf, nyaeta :
مُلاَزَمَةُ الْمَسْجِدِ لِلْعِبَادَةِ
تَقَرُّبًا اِلَى اللهِ عَزَّوَجَلَّtetepna calik
dimasjid kanggo ibadah karena arah-arah taqarrub ka Allah swt.
terutami dina 10 terakhir sasih ramadlan
margi Rasulullah saw teu liren-liren I’tikap dina 10 terakhir sasih ramadlan
dugi kapupusna
فَقَدِ
اعْتَكَفَ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَمْ يَزَلْ يَعْتَكِفُ الْعَشْرَ
اْلأَوَاخِرَ مِنْ رَمَضَانَ حَتَّى تَوَفَّاهُ اللهُ تَعَالَى
Nyata Rasulullah saw. I’tikaf sareng mantena teu
liren-liren dina 10 terakhir sasih ramadon dugi kapupusna.
5. Al-I’timar (umrah)
Pidawuh Rosulullah saw. :
عُمْرَةٌ
فِى رَمَضَانَ تَعْدِلُ حِجَّةً مَعِى
Ari umrah dina sasih Ramadan eta ngabandingan kana
haji sarta kaula