Jumat, 27 Mei 2016

KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA KASAIMBANGAN HIRUP

KASAIMBANGAN HIRUP

إِنَّ الْحَمْدَ لله نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوْذُ بلله مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ الله فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ
 أَشْهَدُ أَنْ لَا إله إلا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللَّهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى سيدنا مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ القيامةِ
.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ.  اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :
(Al-Baqoroh ayat 201)
Oßg÷YÏBur `¨B ãAqà)tƒ !$oY­/u $oYÏ?#uä Îû $u÷R9$# ZpuZ|¡ym Îûur ÍotÅzFy$# ZpuZ|¡ym $oYÏ%ur z>#xtã Í$¨Z9$# ÇËÉÊÈ                         
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos mafarin taufek kaurang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah, tur merenahkeun ka urang sadaya kana kaifiyah kasab anu pangsampurna-sampurna kabagjaan. Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu dikokohkeun kalawan pirang-pirang  ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sareng pirang-pirang saat.
Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia sareng akherat.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
          Kange ngisi ajaran Taqwa Alloh SWT nguningaken ayat al-qur'an dina surat surat Al-Baqoroh ayat 201 :
Oßg÷YÏBur `¨B ãAqà)tƒ !$oY­/u $oYÏ?#uä Îû $u÷R9$# ZpuZ|¡ym Îûur ÍotÅzFy$# ZpuZ|¡ym $oYÏ%ur z>#xtã Í$¨Z9$# ÇËÉÊÈ  
 “Jeung di antara maranehna aya jalma anu ngado’a : ‘Nun gusti, pasihan diri kami kasaean di dunya sareng kasaean di akherat sareng piara diri kami tina siksa seuneu naraka’”.                        
            Alloh Maha Adil nyiptakeun sadayana mahluk teh aya pasanganna samodel langit sareung  bumi, daratan sareung  lautan, halodo sareung hujan, pamegeut sareung istri langkung ti eta jasmani sinareung rohani. Patali tina sakian ciptaan nu sae, parantos sakedahna tiasa miara sareung ngatur sanajan sapalihna oge nu aya kaitan inareung hajat (pangabutuh) urang salaku manusa supaya tiasa maju, lancar, sauyunan tur saimbang, utamina mah pangabutuh jasmani sinareung rohani. Kasaimbangan dina pandangan Islam teh nyaeta mangrupikeun faktor nu penting, malahan janteun tujuan sareung cita-cita hirup keur satiap jalmi muslim.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
           Tina ayat Qur’an diluhur tysa dicandak kasimpulan diantawisna:             
1. Urang sadayana dituntut kedah tiasa  nyaimbangkeun miwah kapentingan lahiriyah duniawiyah sareung kapentingan ruhaniyah ukhrowiyah, ulah dugi kabeurat sabeulah komo lamun mentingkeun salah salahsawiosna mh. Duanana kedah saimbang, sajalan, sauyunan sareng  saarah. Sakumaha conto saimbang sareng saarahna rel kareta api teu tiasa jangkung sabeulah, sabab tiasa ngakibatkeun kareta api ngalaman kacilakaan.
2. Dunya teh mangrupikeun jambatan keur nuju akherat.
Dunya ieu sanes tujuan sabab fana nu sawaktos-waktos parantos ditangtosken ku Gusti Alloh pasti bakal ancur  binasa kalebet manusa nu bakal mulih madep ka nu nyiptakeunana nyaeta Alloh SWT.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu, hayu urang sasarengan nyuhungkeun ka Alloh SWT supaya urang sdaya tiasa nyaimbangkeun kahirupan, anu nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna tauhid k Alloh SWT.sangkan tiasa ngaraih kbagjaan di dunya parat dugi k akherat. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….



Tidak ada komentar:

Posting Komentar